Tadabbur Papatah Ki Semar - Karya Tulis


PERMATA.OR.ID - Ceuk Ki Semar oge, alam dunya mah lain tempatna hirup tenang--kadamaian. Hayang tengtrem mah nya hirup di alam akhirat. 

Ari syarat kabuka na akhirat teh nyaeta ku qiyamah. Jadi konci na urang kudu nepikeun ka bisa ngiyamah-keun heula hirup supaya bisa asup ka alam akhirat. 

Ari qiyamah teh tina qiyam jeung ha. Qiyam teh kata jamak tina kata tunggal qoma: adeg, ngadeg, nangtung, tegak, berdiri. Ha didinya nyaeta katerangan subjek. Subjek saha deui nu hayyul qoyyum iwal ti Gusti Allah. 

Jadi ngiyamah-keun teh maksudna, urang kudu bisa ngadegkeun Gusti Allah sejak dalam pikiran di setiap saat. Kudu sadar pas nyanghareupan sagala perkara teh kudu inget, teu aya hiji kajadian iwal ti eta teh nyaeta qudrot irodat na Gusti Allah. Adegkeun kasadaran yen Gusti Allah teh Maha Kawasa tur Maha Berkehendak. Eta nu ngarana jalma Mustaqiim, jalma nu istiqomah kaditu na teh. 

In sya Allah, ku kitu, urang teh bisa hirup di alam akhirat sanajan jasad ieu masih eksis di dunya. 

Ai alam teh alim, alim teh ilmu, elmu; kanyaho. 

Jadi mun hayang hirup damai-tengtrem, urang kudu hirup ku elmu elmu akhirati. 

Akhirat teh akhir. Ari dunya teh al-ula, nyaeta awalan.

Urang tong sok serampangan ningali polah polah teh saukur ti awalana hungkul. Urang kudu bisa ningali akhirna. Da nu penting mah akhirna, akhir kemaslahatana, akhir nu maslahat.

Ai ninggali perkara awal mah, da ku perkara jomblo teh matak keluh kesah. Tapi nyaeta tingali mah akhirna, da jodoh teh geus dipastikeun. Da mun sadar ningali ka akhir pas si eta nikah, mungkas kajombloanana, da sirna atuh keluh kesah teh moal aya. Nu aya kabagjaan. Jadi kitu, urang teh orientasi na kudu ka akhirna suatu perkara.

Contoh sejena, ari ningali awalan mah gawe rongsok teh geuleuh, nyieun keluh kesah, remeh; sepele. Tapi da ari sadar mah yen akhirna teh maslahat, kajaba kalakuan hade ongkoh mulungan rongsok teh sarua jeung turut ngabersihkeun lingkungan. Komo tuluy tina pagawean eta teh nepikeun ka kabeuli beus. Bagja pan. Genah, ari ningali ka akhir mah.

Hayu, urang tekadkeun "Akhirat Oriented*. Tingali perkara teh akhirna kumaha, sanajan anu ku urang disanghareupan teh perkara awalna. Eta salah sahiji nu dimaksud dunya teh. Al-ula. Anu awalan. Mun urang ngan fokus wae ningali ka perkara nu awalan-awalan, reket pisan ka na ngahadirkeun keluh kesah na teh. Matak mun hayang tenang, tengtrem mah, fokus weh ka akhirna. Da katerangan geus nerangkeun: walal akhirotu khoirul laka minal ula.

Ulah ngeluh urang jomblo, da akhir na mah bakal nikah. Ulah ngeluh kusabab perkara patali pernikahan, da nu penting mah akhirna Mawaddah, warahmah, tur sakinah.

Ulah ngeluh gawe rongsok, da nu penting mah akhirna rizki nu berkah. Ulah ngeluh gawe jadi aparat nagara, da nu penting mah akhirna urang amanah henteu, nyekel jabatana.

Hayu, urang tekadkeun "Allah Oriented". Nu penting mah, naon wae nu ku urang rek dilaku-lampahkeun, urang taker heula yen nu rek dipigawe teh aya di na karidhoan Gusti Allah atau henteu na.

Sakali deui, ari hayang hirup tenang-tengtrem, kadamaian mah, nyaeta urang kudu hirup di alam akhirat sanajan jasad; raga masih eksis di dunya. Konci na, geura qiyamah-keun. Adegkeun qodrat irodat Gusti Allah di na kasadaran urang.

Aamiin. In sya Allah

Oleh : Budi Hikmah

Biro Kajian Ilmiah Pengurus Besar Perhimpunan Mahasiswa Purwakarta (PB PERMATA)

Post a Comment

0 Comments